Lirik Darso Lagu Halangan Diri
Ngan aral gagal jeung gagal
Soal cinta jeung usaha
Kandas pamaksadan
Kamudahan beut ngabalier
Kalapangan naronggongan
Paruntungan lumpat ngajauhan
Naha, naha ku naon
Boa boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Kajongjonan, kangeunahan Ngumbar-ngumbar larangan
Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar mani panjang
Sapanjang jalan kareta
Aduh gusti aduh gusti
Kumaha ngentengkeunnana
Aduh gusti aduh gusti
Kumaha ngabebaskeunna
Panon cireumbay mapay-mapay pipi
Ragragan kana sajadah
Ngingeut-ngingeut laku lampah
Ninggang salah jeung salah
Hate anu meurih, hate nu ngajeurit
Kabeulit ku dosa-dosa
Biwir nu ngageuteur ngeudalkeun rasa jiwa
Ampun ampun duh gusti
Boa boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Kajongjonan, kangeunahan
Ngumbar-ngumbar larangan
Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa Nu ngajajar mani panjang
Sapanjang jalan kareta
Aduh gusti aduh gusti
Kumaha ngentengkeunnana
Aduh gusti aduh gusti
Kumaha ngabebaskeunna
Panon cireumbay mapay-mapay pipi
Ragragan kana sajadah
Nginget-nginget laku lampah
Ninggang salah jeung salah
Hate anu meurih hate nu ngajerit
kabeulit ku dosa-dosa
Biwir nu ngageter ngedalkeun rasa jiwa
Ampun, ampun duh Gusti